image1 image2 image3

SUGI AGUNG|Selamat Datang Di Blog Sugi Agung

Bulan Anu Bedegong


Bulan anu bedegong
Nembongkeun sumringhna rasa
Ngagupay ubar kamelang
Mepende simpena hate
Peuting anu milu jempling
Langit angkeub moekan
Tur sasatoan anu karerek sare
Hanjelu asa teu dipalire
Ngan sakadar pangeling ngeling
Gedena rasa inggis hese cicing
Sanajan raga teu milu nguriling
Batinmah tetep kumanting
Geulis tuh tingali gunung tara adigung
Sanajan luhurna teu mangih tungtung
Lautan tara sulaya
Sanajan ombakna gede kacida
Mugia eta jadi eunteungeun urang
Sangkan dua hate leuwih hade
Sangkan hirup leuwih mangpaat
Boh dunyana miwah akherat






















By. A Ayank Nackumi

Share this:

CONVERSATION

0 komentar:

Posting Komentar